Sabtu, 19 April 2014

Entog Mulang Macapat




Entog ngojay dina leuwi Bulak balik hilir girang Naha…….. teu diangon bae Diangon ka muarana Muara anu baheula Diditu….. di Cikapundung Sasakala Sangkuriang Entog mulang, entog mulang Ibu! Bapa! Euceu! Entog mulang kadiukeun Duh…… kadieukeun…
Pirigan: Kulu Kulu Bem
Bati ceurik dina ati Ka saha nitipkeun rasa Sumelek pangeusi hate Sangkan henteu sumoreang Duh diri wungkul tugenah Kumambang nandangan wuyung Kumalayang ku kabingbang
Batin teu kanti ririwit Rasa teu weleh tunggara Hate lir nu direrejet Sumiak ngarangsang bayah Peurih lir nu digerihan Jajantung asa rek tutung Ingetan mungguh lap-lapan
Mun peuting sok asa gering Bray beurang ngabarungsinang Hate tugteg sumeredet Sumeblak rasa kamelang Keeling teu daek anggang Ari ras bati rumahuh Kumolekat jero cipta
Gunung Salak lir nu ceurik Melas melis jeung midangdam Tumetes rasaning ati Sumambat henteu katahan Saibaratna cihujan Henteu raat-raat ngeprul Alam endah nandang brangta

Jumat, 18 April 2014

Entog Mulang

Kajeun balik ngaligincing kajeun mulang ngalongkewang
Abdi mah anterkeu bae anterkeun ka nagara na
Nagara nu baheula 2x
Alah ...... Alahh

Jangkung najan kahalangan gunung gera gera 
Halang ku gunung
ehhh .. eehh.. ey .. ey .. ey 
Toyotrong tong kakolos kajengkang
Ngajingjing hayang
Kaditu agan kadieu agan
Mana abong abong teuing
Mana ...... Mana nyeri nyeri teuing 
Entog abdi pangmeuntaskeun da pangmulangkeun

K I D U N G

Abdi nyalindung ka gusti
Tebihkeun panggoda setan
Sugrining puji ka gusti
Nu sipat Rohma Rohim
Laksanakeun parentahna
Tebihkeun kana cegahanana
Hirup rukun modal suci
Alus laku hade budi
Mulyakeun diri pribadi
Mawa diri sing taliti 2x
Neneda ka Maha Suci
Urang nampi rohat ti Gusti
Ulah ngarempag Papagon
Agama jeung dari gama
Kudu hade jeung sasama
gunakeu nu mangpaat
Aya dina karidoan sangkan janten kabagjaan
Tina poe nu kamri
Ieu sing jadi emutan
Pageto mah panungtungan 2x
Ayeuna urang omean
di bareng ku kasabaran bari iman ka pageran 
Nu matak urang ibadah 
bisi amal loba salah
Didunya ulah balangah
tekad ucap katut lampah
Mupugan ulah gagabah
Bakal di poe kiamat
Iman sholat modal hirup akhlak ni jadi saksi
Dina karidoanana jaga dialam aherat 
Gusti ngahampura ieu dosa
Nu jadi emutan dia tujuan ibadah ngagaduhan tilu dasar
Balikna hayang ka gusti
Hayang di hampura dosana
Ditampi iman islamna
Nyanggakeun sadaya-daya
Hate urang ulah kosong
Salilana kudu eling eusi ku eling jeung pikir
Pasti muncul iman kuat ka wujud akhlak utama
Amin ya Robbal alamin
Mugi gusti nangtayungan