Abdi nyalindung ka gusti
Tebihkeun panggoda setan
Sugrining puji ka gusti
Nu sipat Rohma Rohim
Laksanakeun parentahna
Tebihkeun kana cegahanana
Hirup rukun modal suci
Alus laku hade budi
Mulyakeun diri pribadi
Mawa diri sing taliti 2x
Neneda ka Maha Suci
Urang nampi rohat ti Gusti
Ulah ngarempag Papagon
Agama jeung dari gama
Kudu hade jeung sasama
gunakeu nu mangpaat
Aya dina karidoan sangkan janten kabagjaan
Tina poe nu kamri
Ieu sing jadi emutan
Pageto mah panungtungan 2x
Ayeuna urang omean
di bareng ku kasabaran bari iman ka pageran
Nu matak urang ibadah
bisi amal loba salah
Didunya ulah balangah
tekad ucap katut lampah
Mupugan ulah gagabah
Bakal di poe kiamat
Iman sholat modal hirup akhlak ni jadi saksi
Dina karidoanana jaga dialam aherat
Gusti ngahampura ieu dosa
Nu jadi emutan dia tujuan ibadah ngagaduhan tilu dasar
Balikna hayang ka gusti
Hayang di hampura dosana
Ditampi iman islamna
Nyanggakeun sadaya-daya
Hate urang ulah kosong
Salilana kudu eling eusi ku eling jeung pikir
Pasti muncul iman kuat ka wujud akhlak utama
Amin ya Robbal alamin
Mugi gusti nangtayungan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar